Pancén Basa Sunda



Pancén Basa Sunda
Ngadamel Résume Carita Wayang

Wasta : Alissa Nurul Haq
Kelas : X MIPA 7 / 02

Carita Wayang : Budak Buncir

Résume :

Budak Buncir
            Kacaritakeun jaman baheula, Pamanna Gatotgaca (Pandawa) sareng Éyangna/Hyang (Guru) badé ngajodokeun Gatotgaca ka Déwi Lesmining Puri ti Astina. Tapi Gatotgaca nolak tawaran ieu, ku alasan teu acan hoyong gaduh bojo. Dipaksa-paksa gé teu hoyong waé. Dugi ka pada-pada keukeuh, ti dinya Gatotgaca langsung kabur sareng Cépot jeung Dawala. Éyangna tuluy nitah ka Arjuna kanggo ngudang éta Gatotgaca.
            Hiji carita manéhna papanggih. Teras paraséa. Arjuna éléh ku Gatotgaca. Gatotgaca langsung kabur deui sareng nu lainna. Gatotgaca kabur neupi ka hiji patapa Tutugan Gunung Parasu. Di dinya manéhna panggih jeung Ki Mérakgaca.
Ahirna Gatotgaca nyaritakeun yén manéhna téh cenah kabur ti Amarta sabab teu kersa dijodokeun ka Déwi Lesmining Puri. Manéhna tuluy nanya, naha bisa anakna Prabu Duryudana, Déwi Lesmining Puri bet hoyong ka Gatotgaca? Gatotgaca ménta kanyaho perkawis ieu ka Ki Mérakgaca.
Ki Mérakgaca ngabéjaan yén éta perjodoan téh ngagaduhan maksad nu teu bener. Kusabab Gatotgaca kakoncara pisan kuatna neupi kanyahoan béjana ka Astina, ahirna aya tah rencana kanggo nyieun ieu perjodoan cenah.

Gatotgaca teras tumaros deui, kedah kumaha atuh? Ki Mérakgaca ngabéjaan yén aya pijodoeun Gatotgaca téh ti beulah kidul nyaéta ti nagara Tirtadahana, anu namina téh Déwi Dahanawati. Di nagara éta nuju diayakeun sayembara kanggo meunangkeun Déwi Dahanawati.
Gatotgaca tumaros naon atuh anu kudu dilakonanana? Tidinya Ki Mérakgaca teras ngarubah Gatotgaca jadi Budak Buncir, kusabab bisi Gatotgaca kapanggih. Teras maksadna hoyong terang yén bener teu éta téh pijodoeunnana atanapi sanés.
Teu kungsi lila Cépot sareng Dawala neupi ka Tutugan Gunung Parasu, manéhna duaan néangan Gatotgaca teras pependak sareng Ki Mérakgaca. Cépot jeung Dawala tumaros, tapi teu panggih jawabanna langsung.
Ki Mérakgaca malah ngenalkeun anakna, Budak Buncir nu padahal mah ieu téh Gatotgaca téa. Ki Mérakgaca ménta ka Cépot jeung Dawala panganteurkeun anakna, Budak Buncir ka sayembara di nagara Tirtadahana, tah cenah di dinya téh aya Gatotgaca. Ahirna manéhna duaan kersa nganteur Budak Buncir, bari sakalian badé néangan dununganana.
Kacaturkeun geus neupi ka éta nagara. Ngan aya hiji deui cenah lawan jago sayembara téh, namina Bima Kéndra. Tapi tetep éléh kénéh ku jago sayembara Patih Tirtadahana.
Teras éta Budak Buncir, kalahkah keukeuh ka Cépot hoyong ngiringan éta sayembara. Nu ahirna mah Budak Buncir téh kasempetan milu éta sayembara. Waktos ngalawan éta jago sayembara, teu disangka-sangka Budak Buncir nyatana bisa ngéléhkeun éta jago.
Janten tos jelas nu meunangkeun Déwi Dahanawati téh Budak Buncir. Tapi cenah Déwi téh diculik ku Buta. Budak Buncir sareng Cépot jeung Dawala langsung cir kaditu nyalametkeun Déwi.
Kacaritakeun saatos salamet, Budak Buncir tumaros, kersa teu Déwi Dahanawati téh ka anjeunna. Déwi Dahanawati bimbang antara kersa jeung henteu. Teras Déwi ceurik dina lahunan Budak Buncir, kacaclakan ci panon Déwi Dahanawati. Budak Buncir ngaleungit terus ngarobah janten Radén Gatotgaca. Pas ditingal-tingal wah éta téh bener Gatotgaca!
Ahirna Gatotgaca sareng Déwi Dahanawati hirup bagja salawasna.


Unsur Intrinsik :
-         Téma : Perjodoan, Kahirupan Karajaan (Kahyangan)
-          Tokoh : Gatotgaca, Pamanna Gatotgaca (Pandawa), Éyangna/Hyang (Guru), *Semar, Cépot, Dawala, Ki Mérakgaca, Déwi Dahanawati, *Juru Sayembara, sareng *Jago Sayembara (* : kacaritakeun di carita wayangna)
-          Galur : Mérélé/*Mobok Tengah (* : Mun ieu carita ditingal ti awal kajadian pawayanganana)
-          Latar :
a.      Tempat : di Istana (Nagara Amarta), patapa Tutugan Gunung Parasu, Nagara Tirtadahana
b.     Waktu : Jaman baheula
c.      Suasana : Tegang mangkrang, pasrah, pinuh sangkaan
-          Sudut pandang : Jalma Kahiji jeung Katilu (Campuran)
-          Amanat :
1.      Tong maksakeun kahayang bisi jadi mamala,
2.      Jodo mah Gusti Allah nu ngatur, sareng
3.      Kudu yakin kana kereteg haté.




Daptar Pustaka

http://www.seratanku.com/2010/04/kisah-wayang-budak-buncir.html
http://sepengatahuanku.blogspot.co.id/2013/06/cerita-wayang-golek-bahasa-sunda-budak-buncir.html

Comments